1.
hayu urang saradia
Meungpeung keur hirup di Dunya
Amal keur sampeureun jaga
Di akhir moal sulaya
2.
Geuning maot ngadodoho
Boro sok di poho-poho
Datangna teu mere nyaho
Ngageretek taya Tempo
3.
Taya beurang taya peuting
Taya raja taya Kuring
Di mana ajal tos sumping
Teu meunang tempo anaking
4.
Lain meureun lain sugan
Da eta mah kanyataan
Kabeh pasti ngarasaan
Geuning awak geura pisan
5.
horeng nyawa reujeung badan
Nu geus lila babarengan
Datang mangsa pipisahan
Paturay tineung amitan
6.
Kaget reuwas mata mencrong
Renghap ranjug megah bengong
Nafas ngangseg na genggerong
Nu deukeut geus teu katembong
7.
Ku renghap nu panganggeusan
Pegat sakabeh harepan
Ngabengkang taya dayaan
Rek kumaha pangharepan
8.
Boro mah keur suka bungah
Nganteur nafsu seuri bungah
Beak tempo kudu pisah
Nyampeurkeun ka alam barzakh
9.
Geus waktu ninggalkeun lembur
Menuju ka alam kubur
Meunang ngali geus di ukur
Mahi keur badan sakujur
10.
Rek naon anu di bawa
Duit taya sawah lega
Meunang ngumpul-ngumpul tea
Belaan nipu pasrah
11.
Meunang ti suksruk ti dungdung
Nu sok di pake adigung
Kana solat matak liwung
Waktuna zakat mah embung
12.
Ibadah ka toler-toler
Nepika nyanghulu ngaler
Lapur badan enggeus kemper
Di tengah imah ngagogoler
13.
Ngajolopong di ruruban
Di riung di tarungguan
Logodor datang pasaran
Montong lila sosonoan
14.
Nu ngariung nyingkir miris
Nyaah ge bati ngalenggis
Geumpeur pacampur Jeung reuwas
Syetan mah bati mupuas
15.
Harta anu ngunung-ngunung
Pakean duit satangtung
Ngan make boeh awiwung
Di tambah kai keur padung
16.
Lawang amal geus di tutup
Hanjakal teu waktu hirup
Talangke bet henteu sanggup
Padahal waktu mah cukup
17.
Paingan rosul ngelingan
Dunya mah pangumbaraan
Naha bet kamalinaan
Tonggoy henteu nyubadanan
18.
Ati ngerik pikir liwung
Imah tiiseun Jeung suwung
Ngan anak yatim baraung
Sing garisik sing rariung
19.
Abong poe panungtungan
Mana beurat rek amitan
Keun anak keun pamajikan
Geuwatkeun legok ngantosan
20.
Pasaran mendung di payun
Ti luhur di rurub sarung
Nu ngiringna semu nguyung
Nangkeup dada sing kuyungkung
21.
Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut
Beuki deukeut beuki deukeut
Beuki deukeut beuki deukeut
Kana legok rupek heureut
22.
Duh geuning enggeus nyangkorah
Rup ku padung rup ku lemah
Poek rupek Jeung teu genah
Ngarumas cungkelik susah
23.
Mana sobat mana dulur
Geuning buriak ka lembur
Henteu maturan di kubur
Sumawon nambahan umur
24.
Ahli sobat kawawuhan
Teu tolih gancang bubaran
Duh saha nu rek maturan
Geusan cicing babarengan
25.
Hanjakal aduh hanjakal
Teu getol sadia amal
Padahal geuning padahal
Ngan amal nu jadi bekel
26.
Hanjakal nurut kaembung
Ngan harta nu di gugulung
Atawa anggur cunutrung
Ayeuna geuning kaduhung
27.
Naon keur panyinglar sedih
Naha ku ci mata getih
Tawa bangkieung Jeung sedih
Harta mah geuning teu tolih
28.
Anggeus montong rek sasambat
Teu guna enggeus kaliwat
Bongan baheula teu toat
Teu kurang nu nganasehat
29.
Tong hantem ka hanjakalan
Pan teu kurang nu ngelingan
Pek tunggu jawab sorangan
Geura jawab pariksaan
30.
Peremutan parantosan
mangga geura lalenyepan
Sugan sinareng Jeung sugan
Ngajadi ka maslahatan
31.
Ku maca ieu pepeling
Mugi sing jadi panggeuing
Duh Gusti anu ngajaring
Siang Jeung wengi di aping.
Mugi2 aya manfaatna.
Kami membuat blog ini dengan tujuan mendakwahkan dan memperjuangkan islam, agar kita termasuk orang yang bahagia dunia akhirat.
Mendidik
Pepeling kana maot

Langganan:
Postingan (Atom)
Kasih sayang ibu lebih besar daripada ayah
ROKOK ROTAMA
<a href="https://www.gardukita.com/reff/Ahmadsobari"><img src="https://www.gardukita.com/img/banner/160x600.gif...
-
Artikel Bahasa Sunda Tentang Agama "Kewajiban Berdo'a Kepada Allah" Replies: 0 By: Kustian Artikel bahasa sunda tentang...
-
PENYAKIT HATI DAN OBATNYA Replies: 0 By: penk syahid Hati bisa sakit sebagaimana halnya tubuh. Hal itu disebabkan ada unsur-unsur dan...
-
ARMINAREKA BEKASI Biro Perjalanan Umrah & Haji Plus Beranda ▼ Rabu, 25 September 2013 Nampi Panganten Versi 1 NAMPIKEUN PANGANTEN...