ARMINAREKA BEKASI
Biro Perjalanan Umrah & Haji Plus
Beranda ▼
Rabu, 25 September 2013
Nampi Panganten Versi 1
NAMPIKEUN PANGANTEN SUNDA
Puja nu janten pangedal rasa kasanggakeun kahadirat Alloh SWT wirehing ngalangkungan widi mante-Na dina danget ieu urang sadaya tiasa ditepangkeun sillaturrahim ngalangkungan acara anu baris limangsung jatukramina cep ……. Putrana ti pangersa bapa …… miwah ibu ……. Ka neng ……. Putri ….. ti pangersa bapa ……. Miwah ibu ……. Harepan anu ageung mudah - mudahan urang sadaya dina danget ieu digunturan rohmat , magfiroh Alloh SWT , Amiiin Ya Robbal Alamiin.
Sholawat sinareng salam pamugi salamina kahaturkeun ka panutan alam junjunan urang sadaya kanjeng nabi Muhammad SAW , kairing para kulawargina , para sahabatna , tug dugi ka ummatna anu salamina turut tumut kana ajaran Mantenna dugi ka poe qiamah.
Para sepuh ,pini sepuh hormateun simkuring
Purwa pamaksadan simkuring neda widi sasanggem ngabantun asmana sohibul bait pangersa bapa ….. miwah ibu ….. ,tipayun neda tawaquf saupami basa simkuring kirang merenah , kirang tata , titi , duduga ,sareng peryoga kawantu simkuring sanes ahlina.
Salajengna , simkuring asmana sohibul bait kairing sakadang wargi nu aya di dieu ngahaturkeun AHLAN WA SAHLAN WA MARHABAN BIQUDUMIKUM , bagea wilujeng sumping , sumping kalayan nu diaping , ngaping kairing rasaning galih nu wening , gebrayna muka payung lain mukakeun sagawayah , mukakeun rasa kabungah , mayungan nu rawuh cunduk geubray mukakeun lawang kabagjaan .
Dina danget ieu simkuring ngaraos bingah amarwata suta , bingah kagiri-giri , kabingahan nu taya papadana , wirehing para tatamu nu ditunggu ti kapungkur , nu dianti ti bihari , nu diantos ti bareto kiwari cunduk sumping . Da tadi mah sakedapan simkuring parantos gelisah , utamina pun anak neng …. Katawis pisan gelisahna , malih teu sadar ngajorowok kieu ; kang ……. Tidakkah kau rasakeun seperti yang aku rasakan saat ini ? .Malih nalika ningal abringan manuk pun anak ngajorowok deui : wahai ….. serombongan burung yang terbang siapakah diantara kalian yang akan meminjamkan sayapnya agar aku dapat menjumpai kekasihku kang……..
Namun Alhamdulillah cunduk waktu ninggang mangsana , kersana besan kairing rombongan kiwari cunduk sumping , namun pamugi ageung tawaqupna wirehing kabingahan simkuring dina danget ieu heunteu disarengan ku panampian anu utami ilaharna katatamuan ,hal ieu tangtos kadar kamampuan simkuring mung sakieu buktosna .
Para sepuh , pii sepuh hormateun simkuring
Kedal lisan pamaksadan anu nembe kahaturkeun istuning natrat , eces jentre kahartos ku urang sadayana , manawi ku simkuring tiasa disimpulkeun kasumpingan para tatamu anu jauh dijugjug , anggang hamo diteang , teu aya sanes saurna nyandak tilu pamaksadan anu utami :
Anu kahiji sanggemna seja nyanggakeun sillaturrahmi . Alhamdulillah ku simkuring ditampi . Leres pisan diantawis para tatamu sareng simkuring sadaya nu araya di dieu masih keneh aya tatali saagami , kebeungkeut dina hiji aqidah anu sarua dina kalimat 2 kalimat syahadat , alloh SWT ngadawuhkeun INNAMAL MU’MINUUNA IKHWAH , saestuna diantawis papada mu’min eta masih baraya. Kalayan harepan anu ageung ngalangkungan sillaturrahim dina danget ieu janten hiji wasilah tausiqul ukhwah wal wahdah , langkung kiatna tatali wargi sareng persatuan diantawis papada ummat islam .
Anu kaduana sanggemna , kersana ki besan kairing rombongan ngeungkeuy ngalet ngabandalet , ngemat – ngemat nyatang pinang , teu aya sanes seja nohonan janji anu parantos pasini , nyambungkeun carita anu katunda , wireh dina sawatara waktos kalangkung cep …. Sareng neng ….. diwuwuh ku sepuhna sewang – sewangan parantos ngayakeun hiji babadamian seja ngahijikeun tatali ati ku pamatri asih , mengket kadeudeuh ku kameumeut , geusan mungkas mangsa lalagasan sewang – sewangan . Patali hal eta simkuring asmana sepuhna neng ….. pangersa bapa …… miwah ibu ….. seja nampi cep …… kalayan insya alloh sakedapan deui baris diistrenan.
Salajengna , saupami tadi kersana kasepuhan ti pihak besan parantos tumada kana kaayaan cep …. , pon nyakitu deui kaayaan neng ….. sanaos ditingal tina waruga mah katingal parantos dewasa , yuswa parantos nyekapan kana jatukrami , tapi istu masih keneh atah , meryogikeun kana bimbingan sareng atikan utamina kanggo mayunan kahirupan rumah tangga , nya dina danget ieu pisan simkuring asmana sepuhna neng ….. neda ka kersana besan pamugi ulah kendat miwurukan , harepan anu ageung tiasa ngahontal kahirupan rumah tangga anu sakinah , mawaddah , warohmah . amiin ya robbal alamiin .
Anu katiluna sanggemna , seja nyanggakeun tawis kadeudeuh tilam katresna kanggo neng …..khususna oge kanggo sepuhna mangrupi barang cacandakan , ku simkuring disuhun dina emun - emunan , kalayan ngahaturkeun jazakumullohu ahsanal jazaa , mudah – mudahan sadaya rupi kasaean anu parantos kahaturkeun kenging pangwales ti Alloh SWT . Sanaos kanggo simkuring mah ku kasumpingan kersana besan ge tos mangrupikeun kabingahan anu taya papadana. Malih saur neng …….. kieu ‘’ lain beruang lain kudana , meuli beas ka pondok gede , lain uang lain bawana , nu penting nyandak nu heuras jeung nu gede , wios kangkung teu ti yogya , asal dijingjing kana kardus , wios salira heunteu ringkung heunteu bawa , asal abdi abdi tiap enjing tiasa adus , wios kangkung teu ti yogya , asal paranjang gagangna , wios salira heunteu ringkung , heunteu bawana , asal panjang gagaduhannana.
Rupina kedal lisan panampian dicekapkeun sakitu , sateuacan simkuring mungkur pamit neda ageung pangapunten tina tutur catur nu teu kaukur , basa anu pasalia , teu nincak kana undak usuk basana ,. Kawantu simkuring sanes ahlina. Mudah – mudahan dua panganten anu sakedapan deui baris diistrenan tiasa ngahontal hiji kahirupan rumah tangga anu sakinah , mawaddah , warohmah .
Wabillahi taufiq wal hidayah , wassalamu alaikum wr.Wb
adi haryadi di 18.46
Berbagi
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
‹
›
Beranda
Lihat versi web
Diberdayakan oleh Blogger.
Mengenai Saya
adi haryadi
Lihat profil lengkapku
Kami membuat blog ini dengan tujuan mendakwahkan dan memperjuangkan islam, agar kita termasuk orang yang bahagia dunia akhirat.
Mendidik
Nampi panganten
Lokasi:
Girijaya, Cibinong, Indonesia

Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Kasih sayang ibu lebih besar daripada ayah
ROKOK ROTAMA
<a href="https://www.gardukita.com/reff/Ahmadsobari"><img src="https://www.gardukita.com/img/banner/160x600.gif...
-
Artikel Bahasa Sunda Tentang Agama "Kewajiban Berdo'a Kepada Allah" Replies: 0 By: Kustian Artikel bahasa sunda tentang...
-
PENYAKIT HATI DAN OBATNYA Replies: 0 By: penk syahid Hati bisa sakit sebagaimana halnya tubuh. Hal itu disebabkan ada unsur-unsur dan...
-
ARMINAREKA BEKASI Biro Perjalanan Umrah & Haji Plus Beranda ▼ Rabu, 25 September 2013 Nampi Panganten Versi 1 NAMPIKEUN PANGANTEN...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar